Kecap Kantetan
Nya eta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu
dikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-unsur
pangwangunana. Kecap kantetan dibedakeun jadi dua rupa, nya eta :
A. Kecap Kantetan Rakitan Dalit (komposium)
Ciri-cirina : 1). unsur-unsurna can awor pisan, 2). Nulisna dikantetkeun
Contona : Panonpoe, mataholang, kacapiring, parahulu, rajakaya jrrd.
B. Kecap Kantetan Rakitan Anggang (aneksi)
C. Ciri-cirina : 1). Unsur-unsurna can awor pisan, 2). Harti eta kecap
kantetan masih keneh bisa dititenan tina unsur-unsur pangwanguna, 3).
Nulisna dipisahkeun.
Contona : koneng gede, kacang panjang, indung bapa, mata simeuteun, pondok
lengkah, kamar mandi, gede hulu, jrrd.
5. Kecap Wancahan
Nya eta kecap anu asalna meunang mondokkeun tina sakecap atawa
leuwih tapi lain tina kalimah, pangna dipondokkeun aya sababaraha sabab :
A. Lantaran deudeuh : Geulis jadi Lis, Neulis, Euis.
B. Rusuh nyebutna/gancang : Atuh da jadi Atuda, tuda; Matak tea oge
jadi Taktage; Ceuk uing oge jadi Cekengge, jrrd.
6. Kecap Memet
Nya eta kecap anu asalna tina hiji omongan tuluy dicandak
sawatara engangna nu dianggap penting. Contona : Comro, Misro, Cireng,
Gulamet, Sukri, jrrd.
Salain kecep memet aya oge anu disebat Kirata, nyaeta dikira-kira tapi
nyata, contona : geksor, durcong, guru, jrrd.
(tu bi kontinyud…)
(Dicutat sagemblengna ti : Unak-Anik Basa Sunda, ku : Dedi, Spd.)
Ahmad Sopiani
Package Team
R & D Group
AV Factory
LG Electronics Indonesia
Block G MM 2100 Industrial Town
Cibitung - Bekasi 17520, West Java, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED]
Tel : +62-21-8989418
LG전자
_____
From: urangsunda@yahoogroups.com [EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Ahmad Sopiani
Sent: Tuesday, August 07, 2007 8:11 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Adegan Basa (bagian 1.0)
A. Tata Wangunan Kecap
Wangunan kecap aya 6 rupa, nya eta :
1. Kecap Asal
2. Kecap Rundayan
3. Kecap Rajekan
4. Kecap Kantetan
5. Kecap Wancahan
6. Kecap Memet
1. Kecap Asal
Kecap Asal nya eta sakur kecap anu teu acan diropea wangunanana, tawa kecap
weuteuh anu heunteu dirarangkenan. Conto na : sangu, lumpat, bodas, jalma,
kuda, jrrd.
2. Kecap Rundayan
Nyaeta kecap asal anu make rarangken.
Rarangken aya 4 rupa, nya eta :
1. Rarangken hareup (frefiks); n, m, ny, pa, pang, sa, si, ti, ng, di,
ka, mang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, para, silih, barang.
2. Rarangken tengah (infiks); ar, al, um, in
3. Rarangken Tukang (sufiks); an, ana, eun, keun, ing, ning
4. Rarangken barung (konfiks); pang-keun, di-keun, di-an, sa-eun, pi-
keun, di-al-keun, pang-ar-keun.
Kecap asal anu geus dirarangkenen harti jeung fungsina jadi sewang-sewangan
3. Kecap Rejekan
Nya eta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih,, sabagean atawa
sagemblengna, robah sorana atawa heunteu. Kecap Rajekan aya sababaraha
rupa, nyaeta :
A. Dwipurwa
Dwipurwa asal kecapna tina dwi=dua; purwa=mimiti, hartina engang (unsur) nu
mimiti diucapkeun dua kali, conto : cabok=cacabok, tajong=tatajong, jrrd.
B. Dwilingga
Nya eta nu dirajek sagemblengna kecap, aya anu robah, aya nu teu robah sora
na. Nu teu robah sorana disebut dwimurni, nu robah sorana disebut dwireka.
1, dwimurni, contona :
a. Nuduhkeun loba : bangku-bangku, jalma-jalma, jrrd.
b. Rupa-rupa, sarua sifatna : amis-amis, pait-pait.
c. Lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir,
d. Nuduhkeun siga : siku-siku, kuda-kuda.
e. Nuduhkeun hanjakal : geulis-geulis, kasep-kasep.
2. dwireka, contona :
a. Nuduhkeun rupa-rupa : unak-anik, tulang-taleng.
b. Leuwih ti sakali migawena : luak-lieuk, tumpa-tempo, kubat-kobet.
c. Nuduhkeun leuwih ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor.
3. Dwisasana; kecap anu dirajek engang pangtungtungna.
Contona : pudigdig, cikikik, cakakak.
C. Trilingga
Disebut trilingga sabab disebutna tilu kali bari jeung robah sorana.
Contona : dag-dig-dug, hak-hik-hek, pak-pik-pek, jrrd.
(tu bi kontinyud…)
(Dicutat sagemblengna ti : Unak-Anik Basa Sunda, ku : Dedi, Spd.)
Ahmad Sopiani
Package Team
Selasa, 25 Oktober 2011
Macam kecap kantetan
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar